Friday, June 7, 2013

Carpon : ERA KU HAYAM


Cekés, cekés, cekés, saenggeus sabaraha kali di cekéskeun, kakara korék gas téh katinggali ngaluarkeun seuneu,  anu rada kakalicesan pédah katebak angin, bari rada ditungkup ku dampal leungeun kéncana, seuneu diantelkeun kana tungtung roko,   " pérépéééét" sora roko kaduruk, Kang Parta kuatka peureum beunta ngenyot roko kéréték anu napel dina biwirna, haseupna diselebengkeun kaluhur

"Sugan téh henteu kapasar  kang, pédah wé ti isuk euweuh nyimpang ka jongko " ceuk kuring bari gék gigireun kang parta anu keur diuk dina bangku kai, nu katinggalina geus hérang balas kumindeng aya anu ngadiukan.

"Enya jang, tadi rék nyimpang téh kagok ah keur mawa barang " témbal kang Parta, wangkongan kuring eureun heula kapegat ku biminah anu nyodorkeun cai kopi pesenan kuring.

"Eh jang bisi engké rék balik tiheula mah, jig wéh nya, akang mah aya perlu heula sakeudeung" ceuk kang Parta neruskeun obrolan,
"érék kamana kitu kang " tanya kuring panasaran, sabab tara -tara tisasari, biasana unggal poé ogé sok balik bareng, sok asa teu pati genah ari balik lempang sorangan teh sok sanajan imah ti pasar kaimah kuring téh henteu pati anggang da lamun lempang oge tara tepi ka meakeu waktu sapuluh menit,

"tah érék ka toko emas heula jang, ngajual ieu " ceuk kang parta, bari nembongkeun palastik letik menang ngodok tina sakuna, kusarérét oge kuring apal éta kongkorong emas, eusi palastik letik anu aya dina leungeun kang parta téh, anu salila ieu sok katinggali di paké ku ceu Sumarni pamajikan kang Parta,

" Naha perlu keur naon kang " Tanya kuring deui

" keur waragad si cikal asup SMA jang " walon kang Parta

" Naha, lain tiheula ceuk akang geus aya teundeunan keur ngasupkeun sakola si cikal mah kang, sabaraha kitu ayeuna waragadna kang " tanya kuring deui,

" Cenah mah jang, kudu nyadiakeun duit dua juta opat ratus, biaya ka jerona téh, anu matak jang pan temdeunan akang anu di ancokeun keur sakola si cikal téh kapake kamari basa nambaan mitoha tea, da panyakitmah maenya daekeun nepi ka nungguan duit kumpul heula atuh jang " ceu kang parta ngabéjeérbeaskeun, bari rada seuri mawur, kuring ukur mesem da puguh apal kumaha adat kang parta, anu lamun ngomong sakapeung sok sajeplakna, malah lamun pikeun anu kurang -kurangna apal kana pangadatanamah tangtu matak kasigeung, tapi kuringmah da apal kumaha adat kang parta, najan ngomongna sakapeung sok rajeun sajeplakna, tapi manéhna hadé haté jeung tara ijiran kabatur, sok sanajan pakasaban tetepna ukur kuli panggul di pasar, tapi manéhna, sajaba ti rapékan téh, oge sagala bisa, timimiti gawé kana bangunan tepi ka gawé disawah atawa kebon gé manéhnamah bisa, jelemana kaitung leuleus cangkéng pagawéan naon ogé salila masih kasebut halalmah  kumanéhna pasti dilakonan.

Malahan keur kuring jeung pamajikan mah ka kang Parta téh geus teu asa jeung jiga, geus asa ka lanceuk pituin, kanyaah jeung kabéla kang parta katut pamajikanna kakulawarga kuring karasa pisan, atuh jasana ogé henteu saeutik, inget baheula basa kuring mimiti ngumbara ka kota Bandung, nya kang parta pisan, anu mimiti wanoh jeng loma di pasar téh, malahan imah anu ayeuna kapimilik jeung dicicicngan kukuring ogé, mimitina menang pangnéangankeun kang parta, nya harita kaparengan aya tatangga kang parta anu ngontrakeun imahna.

Komo basa pamajikan kuring keur kakandungan, karasa pisan jasa kang Parta jeung pamajikana anu bela ka pamajikan kuring, dapuguh kuringmah harita bener - bener baluweng teu ngarti kudu kumaha jeung teu apal kudu tatahar naon wae pikeun ngabageakeun si utun inji dimana éngké lahir, ngan untungna aya kang parta jeung pamajikana anu getén, timiti pamajikan kuring reuneuh gede nepi ka brolna ngajuru,Puguh ngarana ogé jelema anu ngumbara didieu teh kuring jeng pamajikan henteu boga sanak baraya,


"Heueuh ari henteu di sakolakeun budak téh, asa era ku hayam" kadengé kang Parta nyarita siga nyarita ka sorangan,

"Naha kang, maké éra kuhayam sagala" kuring nyusul omongan kang Parta dapuguh teu ngarti

"Nya enya atuh jang, hayam ogé anu anakna réa, malah aya anu nepi ka welasan, tibang pang néangankeun keur eusi beuteungna mah gening bisaeun, maenya urang kasebutna manusa anu cenah lewih mulya pédah di béré kaleuwihan akal jeung fikiran, piraku euweuh lewihna, sugan ari ku bisa ngatik ngadidikmnah atuh aya onjoyna"

Kuring ukur nyeréngéh, asa kagugu ku omongan kang Parta anu sakapeungmah sok asa bener teuing, kuring ngodok tas leutik anu titadi ngadaplokdina cangkeng kuring, eusina ku kuring di kaluarkeun terus diasongkeung ka kang parta,

"paké wéh ieu kang" ceu kuring ka kang parta, bari ngasongkeun barang anu tadi di cokot tina jero tas, kang parta henteu ngasik narima, manéhna ngadon tumanya bari ngarérét kana amplop coklat anu ku kuring di asongkeun,

"naon éta jang" tanya kang parta, bari nyuruput deui cai kopina,

"duit tilu juta kang, sugan mahi, da kiwarimah ngasupkeun sakola teh gning sajaba ti waragad asupna téh loba ték - ték bengék séjénna anu kudu di beuli" tembal kuring ngajelaskeun

"Ah moal jang asupkeun deui wéh" cek kang parta bari gigideug

"Naha kang, ongkoh butuh, jaba éra ku hayam ongkoh" kuring tumanya bari satengah ngagonjak kang Parta

"Ah teu puguh itunganna" tembal kang Parta podok

"Itungana kumaha ari akang"  Kuring nyusul tepus ku pertanyaan

"Nya kudu puguh wé atuh , lamu nginjeumkeun kudu iraha paling elat ku akang kudu di tawurna, lamu maké bunga sabaraha persén bungana, tapi asanamah henteu meureun make bungamah nya jang, apan basa kamari mah manéh téh acan jadi rentenir, tapi teuing lamun tadi peuting kausap korod, dadak sakala jadi léntah darat mah" kang parta ngajelaskeun maksud omongana bari di tungtungan ku nga hé héh males ngagonjak kuring, kuring oge kabawakeun ngilu seuri ngadéngé caritaan kang parta, anu najan keur aya kabingung ogé, manéhna tara nembongkeun kasusahna kanu lian.

"naha ari akang, meni siga jeung deungeun - dengeun waé, komo akang mah,......" omongan kuring henteu kebat, kapegat ku caritaan kang Parta "Tuh kabiasaan manéh mah jang ari geus nyabit - nyabit anu geus kaliwat téh, barina ogé, sok hoream akang mah lamun boga hutang bari acan kaimpleng jalan keur mayarna téh, éra ku salakina jang"

Kuring nyéréngéh kakara inget, kang Parta mah paling henteu resepeun lamu kahadéan anu geus dilakukeun kumanéhna kabatur diungkit - ungkit deui, tapi sabalikna lamun manéhna nampa kahadéan ti batur, salilana ogé manéhnamah sok ingetteun,

"Salaki saha kang" kuring tumanya deui ka kang parta pedah omongan kang parta lebah tung -tungna asa teu kaharti jeung samasakali euweuh hubunganna

"Nya éra ku salaki hayam anu tadi téa, ngarana hutang mah ka saha - saha oge jang, angger we mayarna jadi kawajiban, matak sok asa teu genah akang mah, lamun boga hutang téh sok sieun elat mayarna komo lamun tepi ka henteu kabayarmah, éra ku Hayam jago tara pernah elat komo nepi ka kaberangan nohonan kawajibanna pikeun  kongkorongok unggal wanci janari" tembal kang Parta, asa henteu nyangka kang parta bakal mikir nepi ka lebah dinya.

"Nya kieu wéh atuh kang, ieu duit pan tadina ku kuring diancokeun keur muruhan dulah, lamung ké ngoméan dapur imah kuring, pédah pamajikan geus aya kana dua mingguna ngomong waé, pajarkeun téh sieun kaburu runtuh, pédah kai suhunanna geus barobo, sigana balas ka irisan ari hujan, kumaha lamun ieu duit pék paké ku akang, ngoméan dapur kuring keureuyeuh wéh ku akang lamun parengan akang keur nyalsé, nya itung - itung di borongkeun wé ku kuring ka akang, kumaha lamun kitu kang ?"
Kuring tumanya, ménta pamanggih kang Parta


"tah lamun kitu mah akang panuju, teu nanaon ieu duit ku akang di paké heula" ceuk kang Parta bari nepak kana tak - tak kuring, paromana ngadadak bérag, kawasna manéhna ngarasa bungah pédah manggih jalan pikeun kaluar tina pasualan, bari henteu kudu ngajual banda pamajikanna anu ngan éta -étana, leungeuna ngaragamang nyokot amplop coklat anu ti tadi kukuring ukur di galurkeun dina luhur méja hareupeun kang Parta.


saenggeus babayar ka bi Minah, kuring jeng kang parta terus mulangbari siga sasari, uplek ngobrol sajajalan, sakapeung bari di selang ku sempal kapiguyon, dina haté kuring aya rasa reueus boga baraya siga kang Parta jeung pamajikanna, ku aya maranéhanana, karasa asa reugreug, pédah asa boga batur keur pakukumaha, katambah kanyaah jeng kabéla maranehanna téh karasa pisan, matak hirup di pangumbaraan téh teu ieuh asa nunggelis.







No comments:

Post a Comment