Showing posts with label Puisi sunda. Show all posts
Showing posts with label Puisi sunda. Show all posts

Saturday, April 6, 2013

Asih sajati

Asih sajatining asih
Salahsahiji bukti,...
Asihna Dzat anu maha asih

Ngawujud,....
Dina wujud, anu sok disebut indung
Mangrupa,....
Dina rupa, anu sok disebat bapa


Asih sajatining asih
Istuning wening, sepi pamrih
Lana salawasna,...
Teu kawengku ku wates jeung waktu

Friday, March 1, 2013

Nganjang ka Alam jaga

Tarahal jalan anu keur disorang
Nganteurkeun sawangan, nganjang ka Alam jaga
Nyurup kurung,  nyanding kuring
Nepungan lelembutan, anu ngalungsar dina implengan

Hawar - hawar, kedéngé sora anjeun tipatengahan
Nitah Si.cikal ngabalikan deui baca an na,
Pédah aya kalimah anu salah
Singhoréng henteu gaplah,
Salila ieu anjeun ngawarah
Timimiti  alif - alifan tug nepi ka ngéjah

Si.bungsu, katinggali ngagebra tibra dina lahunan
Meureun harééngna geus mimiti rerep
Sanggeus rungsing méh sapeupeuting
Maksa anjeun ngabungbang maturan kahariwang

Teuing timana datangna,
Salaksa rasa, dadak sakala ngagalura jeroeun dada
Aya sugema jeng tumarima. Aya éra jeung rumasa
Rumasa tacan biasa pangmukakeun lawang bagja.


Monday, January 14, 2013

Sangaran béda rupa

Hampura jungjunan,...
Lamun ayeuna sulaya tina subaya
Lain pédah suda tina kanyaah
Lamun ayeuna jalir jangji
Lain harti sepi tina kaasih

      Kamari urang kungsi paheut pasini
      Seja babarengan naratas jalan  kahirupan
      Kamari urang kungsi paheut pasini
      Seja babarengan mipit buah kabagjaan

Ayeuna ku kuring kakara kaharti
Anu di sebut bagja, ceuk anjeun jeung ceuk kuring
Singhoréng ukur sangaran béda rupa

       Anu di sebut bagja ceuk anjeun,...
       Ibarat ngamplangna cai sagara
       Sedengkeun bagja ceuk kuring
       Ukur nyangkrungna cai ibun dina congo daun
        

Tuesday, January 8, 2013

Anjeun jeung waktu


Palangsiang waktu geus mimiti mintul
Naha teu sanggup mupus kalangkang anjeun
Peuting tadi ngajanggélék deui
Minuhan rohangan pangimpian
Ngagelenyu mintonkn imut, asa kunyari liwat tisasari
Imut anu kungsi ngapungkeun angen - angen
Ngumbul ngajaul ka alak paul
Ngalanglang patamanan kahiyangan
pirajeunan, naruk pucuk tangkal kasatiaan
Ditiruk, paké nyiuk cai kahuripan
Pikeun nyimbeuh kadeudeuh maneuh

Hanjakal teulana,...
Langit kulawu, Kalimpudan méga hideung
Kahéman ngan kari ngaran
Tangkal kasatiaan,...
Anu ngarandaka, mapaésan palataran rasa
Dadaksakala ngarangrangan
Nungtutan peunggas marékplékan
Kiwari anu dumuk saukur tunggul
Pamohalan bakal sirungan.

Monday, January 7, 2013

Kembang kamelang



Kamari soré, di pasampangan
Basa dampal leungen urang pataréma
Sajorélat, ngolépat dina implengan
Carita lawas mawa waas
Ngageuing asih anu bihari
Ngahudang nyaah anu baheula
Anu kungsi numpi jeroning ati,
Dipindingan ku pasini
Mepet sila jeroeun dada,
Disimbutan kusubaya
Hanjakal kiwari geus lain bihari
Hanjakal ayeuna geus lain baheula
kiwari asih kasampih ku wanci
Ayeuna nyaah kapungkas ku mangsa
Dalingding seungit malati
Lengit dipaling hiliwir angin
Ligar hégar campaka
Ilang diiwat hawa katiga
Kembang kamelang
Maluguran niban lemah
Marengan nyaah
Anu udar lain wayah




Thursday, January 3, 2013

Dina congo peuting



Nyelecep tiis hawa janari
Nyulusup tina sela jandéla
Diaping jempling, 
Anu ngagawing dina congo peuting
Ngajadi saksi bedahna cimata
Anu juuh,,maseuhan amparan karumasa
Rumasa lampah katalikung amarah
Kalangsu dina gedurna nafsu
Anteng katalimbeng
Ngangkleung di tengah - tengah sagara nirca
Teusadar di dunja ukur sajorélatan
Mangsana tepi kana pinasti
Hirup kapungkas ku pati
Najan nyaah, najan betah
Wayahna kudu mulang, 
Pamohalan bisa mungpang
Cag banda, cag baraya
Cul dulur, cul batur
Hamo aya anu bakal di bawa
Saukur ngajurung tepi ka lawang kubur
Anging lampah hadé jeung goréng
Anu bakal ngabuah bagja atawa bahla

Garut Pangirutan



Kuring ka irut,.....
Lain pédah cenah éndah pangirutan
Tapi keur kuringmah, sarakan pangbalikan
Tapak lacak léngkah munggaran
Najan léngkah kahirupan,
Mawa waruga, tepi ka tungtung dunja
Tetep baris jadi jugjugan
Jadi tempat reureuh mangsana leuseuh
Saenggeus weureu seubeuh,
Neureuy peuheur buahna hirup

Cikuray anu ngagupay,
Papandayan ngagentraan
Sampireun pikeun sampeureun,
Di Bagendit fikir ngait
Cangkuang pangeunteupan rasa kamelang

Batin liwung,..
Midangdung gumebyar hurung layung
Anu mayungan punclut gunung Guntur
Wanci soré, lamun pareng hadé poé

Monday, December 31, 2012

2013


Taun heubeul, sakeudeung deui baris mungkur
Taun anyar, sakeudeung deui baris disorang
Sagala rasa, kuciwa jeng katugenah
Anu pernah aya,..
Dina sela rasa sugema jeung kabungah
Gera teundeun dina katineung
Geus tepi kana wanci
Pikeun mapag harepan anyar
Dina lambaran kahirupan anyar